Juni 19, 2013

Lalajo Maung




Si aki kira-kira ngomong, "tong ngahalangan jang, aki keur lalajo!" Si ujang ngoceak, di tukang indungna nyureng, teu panuju budakna didenggulkeun ku akina..

Si bapa angger we, ngelepus bako mole, bari panonna mencrong kana tipi, jantungna ratug tutunggulan sieun Persib eleh.. da kitu ai Persib maen teh, sok ngahariwangkeun, tapi angger we dilalajoan, pajarkeun teh can genah dahar can genah sare ai can ningali Persib rengse maen tur meunang..

Barudak eak-eakan beuki pogot lalajo, padahal mah poe geus peuting jeung isuk kudu sakola, da sidik isuk teh poe Senen. Tapi ah teu paduli, da pikiran ges manteng ka Persib, dina pikiranna masing-masing ngabayangkeun hiji mangsa jadi pamaen Persib, nyorang ka Senayan di Pinal Perserikatan tur bisa ngangkat Piala Presiden..

Cag.